Dikantun Tugas
Dikantun Tugas - Mae Nurhayati
Calik dina bangbarung
Bari ngaruhun balung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manahna nguyung
Emut ka sang panutan
Lami henteu nyeratan
Nanging nu geulis sadar
Sarta manahna sabar
Nyanggem lebet manahna
Aduh engkang iraha
Tepung sareng sadaya
Mulih ti medan laga
Lami henteu nyeratan
Abdi paparin wartos
Najan urang patebih
Langgang urang miasih
0 comments:
Post a Comment