Cari Lagu

Showing posts with label Darso. Show all posts
Showing posts with label Darso. Show all posts

Maripi

Maripi - Darso


Gunung tampa tuTugan,
Gunung Galunggung Kapung…kur
Gunung Su..medang kaTun..jah
Talaga sok gawayah, ramencik, tengah Leuweung
Lakung sungkun sumoreang ngan teu diteang
Tarima… lagawayahna ‘rah ngencik
Di te...ngah leuweung

*)Engklak-engklakan, Maripi lucu pisan
Barudak urang ngariung di buruan
Engklak-engklakan, Maripi lucu pisan
Barudak urang ngariung di buruan
Burudul sina ti kidul, Gotongan parabot degung
Tatak kendang kulit maung
Kirang rawat hore kurunyung …..*)
Berebet sina ti kaler, Gotongan parabot topeng
Tatak kendang kulit banteng
Kirang rawat hore dorengeng

Dadap canting dina Gawir ngaJa…jalar
Paantay-antay mana gening
Awi temen awi Gombong daUnna pating aRurag
KateBak ku angin Bagja  geu…eus haDe
KuLincir disada tiPeuting koreak, pating koceAk
Koreak paTing koceak……..*)

Borojol sina ti kulon, Gotongan dog-dog jaipong
Tatak kendang kulit bagong
Kirang rawat hore boronyoy….. *)

Read more...

Tanjakan Burangrang

Tanjakan Burangrang-Darso


Lebah tanjakan burangrang
Aya Asih aya cinta
Miguraan dua hate
Nu tepang pada harita
Nambahan tilam katresna
NyengiTan janji duaan
HarePan datang nemboNgan
NgoleBat bagja duaan

Lebah tanjakan burangrang
Di diNya ngancikna Rasa
Lebah Tanjakan burangRang
Di diNya janji duaAn
Lebah tanjakan burangrang
Di diNya ngancikna Rasa
Lebah Tanjakan burangRang
Di diNya janji duaAn
Lebah tanjakan burangrang
Aya tapak rasa cinta
Waktu kuring datang deui
Tiluan eujeung si cikal

Read more...

Mega Sutra Pantai Carita

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta

Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

Read more...

Kabogoh Jauh

Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon

Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an

Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu

Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna

Boga kabogo jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…..

Read more...

Bentang Cilampuyang

Teu disangka ti tadina
Di lembur jauh ka kota
Geuning aya bentang ragrag
Mawa bungah kana rasa

Rasa bungah nu harita
Dibarengan rasa cinta
Cinta nu mekar harita
Mapaes nikmatna hate

Bentang nu harita medal
Ngagurilap-ngagurilap cahayana
Matak serab mikacinta
Matak risi anu jangji

Bentang di Cilampuyang
Mawa bagja kana rasa
Bentang di Cilampuyang
Narima kedalna cinta
Bentang di Cilampuyang
Yap kadieu masing deukeut
Bentang di Cilampuyang
Akang reueus akang geugeut

Read more...

Sasak Rajamandala

Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa

Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna

Read more...

Bentang Cilampuyang

Bentang Cilampuyang
Darso

Teu disangka ti tadina
Di lembur jauh ka kota
Geuning aya bentang ragrag
Mawa bungah kana rasa

Rasa bungah nu harita
Dibarengan rasa cinta
Cinta nu mekar harita
Mapaes nikmatna hate

Bentang nu harita medal
Ngagurilap-ngagurilap cahayana
Matak serab mikacinta
Matak risi anu jangji

Bentang di Cilampuyang
Mawa bagja kana rasa
Bentang di Cilampuyang
Narima kedalna cinta
Bentang di Cilampuyang
Yap kadieu masing deukeut
Bentang di Cilampuyang
Akang reueus akang geugeut

Read more...

Dina Amparan Sajadah

Dina Amparan Sajadah
Kang Darso

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati

Read more...

Lagu Jawa

Lagu Sunda

Lagu Tarling

Doel Sumbang,Barakatak,Bungsu Bandung, Cianjuran,Darso,Dedi krisna,Detty Kurnia,Djajaka Soenda,Djajaka Soenda,Euis Komariah,Evie Tamala,Hetty Koes Endang,Itje Trisnawati,Kustian,Lagu Bodor,Lagu Sunda, Mang Koko,Nia Daniaty,Nining Meida,Oon B,Ria Fitria,Rika Rafika,Rya Fitria, Ohang,tembang sunda,Ujang Suryana,Wina,Yayan Jatnika,Yus Wiradiredja
Lirik lagu Sunda, Lagu Sunda, lirik sunda, tembang sunda, bobodoran, sisindiran, lirik tembang sunda, tembang sunda kenangan, lagu sunda kenangan, kumpulan lirik lagu sunda, download lagu sunda, bahasa sunda, sundanese lyric, koleksi lagu sunda, teks lagu sunda, teks lagu

  © Free Blogger Templates Spain by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP