Cari Lagu

Jampe Jampe Harupat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring

0 comments:

Lagu Jawa

Lagu Sunda

Lagu Tarling

Doel Sumbang,Barakatak,Bungsu Bandung, Cianjuran,Darso,Dedi krisna,Detty Kurnia,Djajaka Soenda,Djajaka Soenda,Euis Komariah,Evie Tamala,Hetty Koes Endang,Itje Trisnawati,Kustian,Lagu Bodor,Lagu Sunda, Mang Koko,Nia Daniaty,Nining Meida,Oon B,Ria Fitria,Rika Rafika,Rya Fitria, Ohang,tembang sunda,Ujang Suryana,Wina,Yayan Jatnika,Yus Wiradiredja
Lirik lagu Sunda, Lagu Sunda, lirik sunda, tembang sunda, bobodoran, sisindiran, lirik tembang sunda, tembang sunda kenangan, lagu sunda kenangan, kumpulan lirik lagu sunda, download lagu sunda, bahasa sunda, sundanese lyric, koleksi lagu sunda, teks lagu sunda, teks lagu

  © Free Blogger Templates Spain by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP